Thursday, January 15, 2015

Usum Hujan Angin


Mangkade waspada lur....!!

Nungarana hujan datang tiba-tiba memang saat ini musimnya, lagi-lagi juga angin tak pernah panca kaki ujug-ujug rongkah rohaka ngaruksak kenteng imah pon kitu deui tatangkalan tingjarungkel rarungkadan alatan gedena eta angin nu biasa disebut angin puting beliung.

Ceuk incu abah kakarak putingna geus sakitu rokahana komo lamun jeung ....na (teuing naon eta titik titik teh eusina). Nupasti memang kadang datang memang tidak pernah pilih-pilih tempat atawa lokasina ujug beerrrzzz weh ngaglebug ngahiuk mubak mabuk nebak naon anu aya naon anu nyampak kuat ka hempak tinggal puing-puingna...

Biasana mun geus rengse angin puting buntang banting terus disusul ku hujan sawatara waktu saperti anu hayang nguatan carita angin puting tas nembongkeun karongahna ngarusak naon anu nyampak.

Intina memang kudu waspada terus ati-ati da musibah jeung bencana  tara pilih pilih pati tara milah-milah nyawa jeung raga mun geus tumiba nepi kana waktuna nya wayahna....

0 comments:

Post a Comment