Monday, January 19, 2015

Cabe-cabean, Jeung Cengek-cengekan



Bet hayang seuri ngabandungan anakna si Miun, pokna teh "bapa naha Cebe-cabean teh teu lada ieumah, ari basa bapak kamari nagadon cabe-cabean cenah dipasir lada teu? eta Si Miun langsung nyureng bari ngagebes anakna, "Saha anu cabe-cabena ari ilaing sok kamana wae ah, abong bebennyit,"  iih... uingmah beja tinu tukang dagang barabadan kamari ngaliwat cenah itu bapa maneh keur cabe-cabean, pas harita pang uing keur cecengekan pak..!! Kutan ari maneh cecengekan jeung saha? itu jeung anakna ceu lilis tea anu anyar balik tikota ning pak...Si Miun ngalengkeun sirahna bari teu ngarti naon maksud eta anakna ngomong kitu.

Panasaran  Ku Dewek ditaya eta anak si Miun.." bapak maneh cabe-cabean jeung saha kitu dak?" duka atuh bah bejanamah cenah jeung Cabe-cabean weh uing oge teuapal eta kitu teh ngan nujelas jigana teu lada dan barang datang si bapak  teu seuhah seuhah acan ning kamari teh.
"jigana sibapakmah cabena ngan sauetik bah, matak teu lada da anu uingmah cengekna rea lada pisan kamari...".

Deuuh dewek karak ngarti geuing maksud anak ilaingmah cabe-cabean teh ngarujak jiganamah Miun? ha..ha...untung bebenyit mun apal naon maksud Cabe-cabean heug nepi ka Indungna bisa perang rongkah piring jeung gelas prupre pareupeus...ha..ha..


0 comments:

Post a Comment