Thursday, January 22, 2015

Merubah Keinginan Menjadi Kebutuhan



Harus sepakat jika ingin memulai memetik hasilnya...Maksudnya memang harus disepakati dulu cara apa yang terbaik untuk lebih mempercepat memenuhi target dan impian kita.

Ceuk si Miun geus teu kuat hayang kawin..??hayang boga pamajikan ingin memiliki istri sejati yang menjadi teman sehidup semati kitu pokna jiga anu enya. Ceuk Dewek nya wajar teu kawin kawin oge, da manehmah kakarak hayang kawin, "Nungarana karak hayang atau baru sebatas keinginan itu masih sangat mungkin untuk ditunda atau dipending", Coba robah tong hayang kawin tapi butuh kawin. Hartina kawin geus jadi pangabutuh anu kacida pisan ngadesekna, dijamin tah entog wae bakal dikawin kumaneh Miun..ha..ha.

Sebab sesuatu yang bersipat kebutuhan biasanya mendesak untuk dipenuhi, misalnya ketika kita butuh makan maka harus segera makan, jika tidak maka perut kosong keroncongan beh dituna nya kalaparan bisa pingsan ceuk bahasa si Miun mah "Salatri" etetah...

Tah kitu pola ngawangun nagara, ngamumule daerah oge lolobana memenuhi standar keinginan bukan kebutuhan sehingga hasilnya kurang urgen dipahami masyarakat, sabab pasalia jeung kabutuhan warga. Ari warga butuh jalan alus ari pamarentah nyieun program pelatihan keur ahli perencanaan jalan atuh teu nyambung. Kuduna jalan heula bangun sing alus sing weweg kakara nyieun pelatihan keur para pemelihara jalan.

Misalna deui geus puguh rahayatmah butuh gampang meuli beas, ieumah ngadon ngayakeun pelatihan cara ngokolakeun beas jadi apem jeung sajabana, atuh da ari beasna hese rek kumaha bisa nyieun apem cuuu...Jadi weeh jarualan apem dikerkhof unggal peuting hi..hi..

Tapi kadang sok salah oge rahayat diurangmah, ongkoh hayang baroga pagawean ari pamarentah nyieun program pengadaan peluang kerja didemo keneh wae pokna teh salah itu, salah ieu, kurang itu kurang ieu sagala diaya-aya. Da ari dikorekanmah boro boro anu borok anu mulus banglus oge angggeur bakal codeka kadituna....Matak bingung ngain ngabandungan nana...      

1 comments: