Thursday, January 15, 2015

Tunduh Tapi Butuh



Ceuk sasaha oge mung geus tunduh geura sarekeun ngarah ngimpi anu pikangenaheun, sugan ngimpi ngajingjing bidadari atuh, najan ukur numpakan guguling oge ari bari ngimpi jeung bidadarimah sok asa ngadadak ngapung kaalak paul cenah cuuu...

Rek ngimpi naon nya peuting ieu hese-hese teuing rek sare teh, padahal ieu mata cieut jiga anu cacingeun kurang ngadahar gizi. ceuk icu kami anu masih diajar  dipaudmah cenah geus lima watt lamun dina lampu mah.

ah ari cantuduh kumaha atuh komo pan bari jeung butuh, sugan weh ngagayuh kasubuh aya randa ngetrok kana panto ngirim kulub hui jeung cikopi, merenah jigana..hahaha...aya-aya wae ari rea pangabutuh bari tunduh teh...

0 comments:

Post a Comment