Thursday, January 15, 2015

Salam Pangwanoh...


Salam Mualikum Lur....Syukur ari sarehatmah eta pisan anu dipihareup ku urang sadaya, kecuali kunu tos bosen hirup pek teh teuing ah...

Tepang sono kadang wargi di ieu lapak semoga bermanfaat buat kita sakabeh dulur anu dilembur, baraya aya dikota...kum sakabehna semua moal diwincik diwiji-wiji moal ditataan hiji hiji dapuguh teupal atuh kum weh anu saadam jeung sa hawa jeung abah...turunan manusa sakabeh...

Hampura saacana bisi aya basa kurang merenah aya carita teu nincak dina wirahmana nupasti saeutik kunu mahi mun reak kudu nyesa, mun mangfaat sing aya tapakna, mun madhorot sing asak hampura... 

Ieu lapak ngahaja dijieun keur ngahudang tineng, ngahurungkeun rasa nu geus lila sirna dina lebah ngamumule lemah cai babakti ka Ibu Pertiwi (alah asa jadi politisi kieu eung), keun weh ketang da carita teu kudu mayar basa teu kudu menta asal tetep ajeg dian ugeran poma kudu diingetan lamun kabablasan...!!!

Salam bagea...tipasarakan
Abahna anak incu jeung seuweu siwi...

0 comments:

Post a Comment