Thursday, January 15, 2015

Hayang Dahar Tapi Wareug



Kasahakeun atuh ieu kejo haneut meuni ngebul keneh kieu geura...Padahal ieu wanci geus ngagayuh katenah peuting tapi bubuhan warung kejo ieumah sok nghaja nyadiakeun sangu haneut keur anu khusus kemelendang dina tenah peuting.

Naon maksudna atuh ngirim kejo teungah peuting cenah...maksudnamah meureun karunya bisi lapar..lain kadua syukuran aya anu nagnteuran kejo teh kalah diupat teupuguh jiga nau keuhul kesel kana wanguna eta kejo.

Lain kitu  coba ete kejo teh dihandapna diselapan duit anu warna beureum heug jaleger keneh ulah rea teuing bae aya sapuluh lambar oge jigana rek dicium, disuhun na embun embunan, disempeun dina dada diusapan bari ngomong nuhuuuun gusti aya keneh geuning anu nyaah kaabdi tandig gusti papanjang kakawasaan salira Ya Alloh...

Hoyah hudang siah...geus berang Gustiii geuning enya cikeneh ngimpi aya nganteuran kejo haneut make dialasa ku duit saratus rebuan sagala matak hageut matak sumenget eung...ngahanjakal ngan ukur ngimpi ...tapi sugen weeh mimpi yang menjadi nyata...

0 comments:

Post a Comment