Thursday, January 15, 2015

Tersangka Dipaksa atawa Kapaksa Karena Memang Tersangka



Ah duka teu ngarti atuh etamah urusan kelas tinggi ceuk si Narwi bari nyureng nembal nalika ditanya bet jadi rame aya jendral calon Kapolri Statusna tersangka.. "Duka atuh dewekmah teu apal bah". Ucapna katara tina romana oge memang polos teuapal urusan pulitik. Aapalna ngumpul jeung nulaletik ngomongkeun harga cabe jeung cengek oge jahe iraha naek jeung kumaha nasib ongkos angkot can turun wae padahal BBM pan geus turun sawatara waktu katukang.

Naha silaing tara ningal tv kitu ? pan keur eureur sajagat pada apal cikeneh diangkat reka jadi Kapolri tiba-tiba lembaga super body ngumumkeun status inyana jadi tersangka, ari tersangkamah memang kaasup can nanaon da pan ari dinagara Indonesiamah can asup panjaramah can kaasup salah da boga azas Praduga tak bersalah tea ning eta ceuk tatangga anu profesina Pengacara ngabela hageut kacida. Pokna satungtung can aya ketuk palu  hakim pengadilan eta jalema masih keneh bener ayana, teu kaasup korupsi najan barang bukti balatak malah saksi ngaleyah oge.

Ceuk ngaing nyapek wae da teu ngaruh ka dewekmah rek tersangka, rek jujur, rek diganti rek anggeur oge da moal mang mayarkeun hutang ngaing kawarunglah pusing nuayamah, hanteum nyetel tv listrik boros mayar unggal bulan kalah nambahan terus, timana duitna tah...lieur pan uing ngabandungan nana hayoooh...hoyaaah...

0 comments:

Post a Comment