Thursday, January 15, 2015

Sarapan Bubur Geus Lima Rebu Komo Bubur "Dugem" Hargana malas rebu cenah



Sabu sarapan bubur sarebu, kiwari geus lain jamana, geus teumanggih harga bubur samangkok sarebu, kiwar mahalna sarua jeung satengah kilo beas antara lima rebu nepika tujuh rebu maratus, malah aya bubur kakocap nepika hargana malas rebu perak...Gerenyem hati asa mahal kacida ieu bubur naha dijieun tina nanon jeung rasana kumaha..? tapi teu geruh dapuguh era bisi disangka teugaul jeung teugableg duit nyakapaksa ngdok pesak rada jero puguh kudu mayar bubur malas rebu mun duaan oge geus tilupuluh rebu, bisa meuli beas opat kilo tah.

Jeung kiwari ngaran bubur oge rupa-rupa, malah aya anu nga ajenan ngaran anu dagangna misalna, nudagang bubur ngarana mang satibi makan eta roda bubur dingaranan kitu, aya oge nudagangna mang sofyan jeung nagaran anu lianna.

Ngan can aya ngaran bubur anu dinisbatkeun kana ngaran pelanggana, misalna bubur abahna si AL, dapuguh ngalanggan unggal poe sarapan bubur etateh...

Masih neganaan ngaran bubur, coba eta geura aya bubur ngarana "bubur Dugem", duka naon maksudna ngan eta bubur dagangna tijam salapan peuting nepi wanci ngagayuh kasubuh ceuk bejamah anu mareulia baralik "Dugem", ari dugem teh naon? tah palebah eta kuring oge teu apal ceuk mang iya tukang bubur nu sok dagang subuh balik jam dalapan isuk-isuk.

Aya teu ngaran bubur "Bubur Huntu", hahah...jigana asa moal aya tah lantaran boro kahayang meuli dibere oge hare bari ngabirigidig hag siiah rasana kumaha eta bubur huntu...

Nu aya oge bubur huntumah, catur tanpa bukur nyaeta babacot ngaler ngidul teupuguh hulu teupuguh buntut, mun patorong-torong nagarana debat kusir nyabiasa ari kusir cumarita pan sok sapanjang jalan kumaha dibawana kukuda, muatan turun kusir neangan deui muatan anyar atuh lapur dongeng jeung basa uplek dina delman wayahna kudu ganti deui temana...  

0 comments:

Post a Comment